Guyon Sunda # Rupi Rupi Alesan Kabeurangan

Seuri saurna tiasa bikin mastaka enteng, urat kendor sareng pipi emoy. Hehehehe.
Tah ayeunamah abdi bade nyeuratken Rupi Rupi Alesan Kabeurangan nu diserat ku kang Hanief di WA editing abdul. Sok mangga tengetken mun tiba - tiba seuri tong nyalahkeun abdi.



Rupi Rupi Alesan Kabeurangan

Kabeurangan 1

Guru : "Udin, naha kabeurangan ?
Udin : " Bapak jeung Ema pasea"
Guru : "Naon hubungana jeng maneh?"
Udin : "Sapatu abdi dicekel hiji sewah."
Guru : glek....glek....

Kabeurangan 2

Guru : "Udin, naha kabeurangan ?
Udin : " Huja pak"
Guru : " Mun hujan unggal poe?"
Udin : "Banjir pak."
Guru : " Olohok.....

Kabeurangan 3

Guru : "Udin, naha kabeurangan ?
Udin : " Emam bubur pa.."
Guru : "Naha dahar bubur jadi kabeurangan???"
Udin : "Pan tukang buburna telat."

Kabeurangan 4

Guru : "Udin, naha kabeurangan ?
Udin : " Pun aki pupus pak"
Guru : "Innalillahi wainna ilaihi rajiun, sing sabarnya.....
Sabaraha taun aki teh umurna?"
Udin : "Duka atuh pan tos pupus. Kumaha naroskenana?"

Kabeurangan 5

Guru : "Naha kabeurangan?"
Udin : "Naha naros ka abdi?"
Guru : "Apan manéh nu kabeurangan datangna!"
Udin : "Bapa nu lepat mah, kunaon sumpingna miheulaan abdi...?"

Kabeurangan 6

Guru: "Ku naon kabeurangan?"
Euis: "Diudag jajaka"
Guru: "Naon hubunganna?"
Euis: "Manéhna lirén ngudag, ku abdi diantosan"

Kabeurangan 7

Guru : "Naha kabeurangan?"
Udin : "Mantuan bapa ngawinkeun domba, pa"
Guru : "Naha teu bisa ku bapa manéh sorangan???"
Udin : "Teu tiasa pa, kedah ku domba deui"

hahahahaha..hhahha....

........... indahnya berbagi seuri.
😎


12 komentar untuk "Guyon Sunda # Rupi Rupi Alesan Kabeurangan"

  1. Kalau pake alasan nomer 5 bisa-bisa siswa digampar sama gurunya.. Secara kan di sekolah ada aja guru yang gak takut dilaporkan, terutama karena siswanya yang udah salah duluan! hihihi

    BalasHapus
  2. hadehh, ra mudeng babar blaas....ki bahasa Inggris ya ??..he.he.he

    BalasHapus
  3. Asa hayang nyabok eta k si udin, pobia nu kitu teh kang ( Polos Biadab). mun hujan unggal poe kumaha, banjir :D

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hahahaha polos biadab tapi bener kan. bakalan banjir. ken weh masalah telat mah pohoken :D

      Hapus
  4. Hahaha,,, Kocak banget aseli kang.. Eta si Udin naha nungguan tukang bubur sih, lamun teu jualan kumaha, rek teu sakola, kitu

    BalasHapus
    Balasan
    1. Cignamah moal sakola. ke aya judul anyar ciganamah naha teu sakola judulna.

      Hapus
    2. Hayu atuh diupdate postingan yang kedua, meh seru, hahaah

      Hapus
  5. aslinya pasti lucu...tp syng sy gak ngerti mas ...., hebatnya guyonan dengan bahas lokal kalo diterjemhkan ke bahasa indonesia jd gak lucu mas ya...karena yg bikin lucu aksen bahasanya...

    BalasHapus
    Balasan
    1. untuk guyon mas kalo dierjemahin bisa jadi ga lucu tapi yang ga guyon kalo diterjemahin bisa jadi lucu mas. hehehe

      Hapus